NGAWIH YUU YA YU
SAPUNYERE PEGAT SIMPAY
Ririungan urang karumpul
meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
macangkrama urang ngawadul
urang silih tempas silih eledan
Moal lila jeung babaturan
hiji wanci anu geus ditangtukeun
bakal pisah bakal pajauh
bakal mopohokeun katineung urang
Sapunyere pegat simpay
bakal kasorang
takdir ti Gusti yang Widi
bakal kalakon
Urang pajauh
urang rek papisah
meungpeung deukeut hayu urang sosonoan